Baju Lebaran

Carpon karya Holisoh ME.. Dimuat dalam majalah Mangle No. 1493, 23 Pebruari 1995, kaca 16–18.

Carangka nu geus pinuh ku jukut, haben kénéh wé dijejelan. Padahal geus dua carangka beubeunanganana téh. Rasana can sugema, mun tacan padet pisan téh. Ongkoh inget kana caritaan indungna tadi isuk, ngala jukut téh kudu loba sabab isukan mah tangtu kudu eureun, da lebaran.

Enya ku kituna mah, da domba mah angger wé kudu nyatu. Teu nyahoeun isukan téh lebaran. Da mun ngarti mah meureun domba téh pere heula teu kudu nyatu.

Arit nu baraseuh ku cireumis, dielap ku tungtung kamejana nu kuleuheu. Rét panonna kana jukut nu mayakpak subur, mani hayang sategalan wé diarit kabéh. Dibeakkeun, bisi isuk géto mah éta tegalan téh robah rupa jadi lapang atawa gedong agréng. Ning tegalan nu beulah kulon gé, ayeuna mah teu bisa diarit deui jukutna da geus dijieun paranti ngojay. Ngan hanjakal manéhna mah teu bisa ngiluan ngojay, da kudu mayar. Nya angger wé ngojayna téh di walungan.

“Ning wayah kieu geus parinuh carangka, Sarjang! Ti wayah kumaha ngaritna?” ceuk tanya Mang Hadi, tatanggana. Entas nyokot bubu meureun ti lebak da ngajingjing bubu. Laukna teu wudu rada réa ditiiran ku jukut.

“Ti rebun kénéh, Amang! Bisi béakeun ku batur!” témbalna bari seuri leutik.

“Heueuh ketah, meungpeung, engké mah geus moal manggih jukut deui!” ceuk Mang Hadi bari ngarandeg.

“Naha?” tarangna kerung.

“Enya meureun. Boa bakal jadi gedong sigrong ieu tegalan téh. Da aya béjana ku nu bogana geus ditatawarkeun ka urang kota,” omong Mang Hadi daria.

“Cilaka! Domba uing deuk diparab naon?” rada ngarahuh nyaritana téh.

“Parab bubur!” tempas Mang Hadi.

“Bubur ti mana beasna! Uing gé dibéré dahar ku Ema ukur sapoé sakali! Atuh meureun dihewag ku domba mah alas uing jadi nyaeutikan!” omongna bari melong Mang Hadi. Nu dipelong nyeuleukeuteuk seuri.

“Meugeus lah dipikiran teuing! Anggursi hayu urang balik! Geura tabeuh tuh dulag di tajug!” ceuk Mang Hadi bari ngaléos. Kawas nu kapangaruhan, manéhna gancang ngajéwang salang. Sabada dibérés carangkana, gancang ditanggung. Mani ngagidig nuturkeun Mang Hadi.

Datang ka pipir, carangka ditunda gigireun kandang domba. Mani tingberelé domba nempo jukut harejo bari semu baseuh téh.

Biwirna imut. Sia mah isuk kénéh geus diparab! Uing mah nu ngala parabna, manggih parab téh engké wé wanci magrib. Aya ku ngarareunah. Enya, nya, ngeunah kénéh jadi domba teu loba pikiraneun. Hayang nyatu kari beberelean. Teu kudu puasa. Teu kudu mikiran hayang baju alus.

Deui-deui manéhna imut. Tapi, lebah dipeuncitna, weu nyeri meureun. Ning sakalieun ramo katéwék arit atawa bedog gé mani sok nyanyautan. Komo ieu digeresél! Leungeunna nyekel beuheung.

“Sarjang! Sarjang!” indungna ngagorowok ti dapur.

“Naon Ema gogorowokan waé?” tanyana bari ngasup-ngasupkeun jukut kana parantina.

“Parabkeunana montong loba teuing! Ditungtut wé saeutik-saeutik!” ceuk indungna.

“Enya!” heureut némbalna téh.

“Mun geus bérés marab, geuwat tah sangu anteurkeun ka kalér. Karunya Uyut manéh bisi lapareun!” ceuk indungna. Uyutna téh geus rempo, leumpangna gé bongkok. Mana geus tilu puasa, tara milu puasa da teu kuateun. Boro-boro puasa, geus linglung naker.

Mana indungna getén naker isuk soré nganteuran sangu. Lin teu deuk diaku di dieu, da ku indungna gé dihiap-hiap sina cicing saimah, tapi uyutna teu daékeun. Pajar téh sangheuk nyusahkeun incu! Padahal mun dipikir, pajauh komo leuwih ngabarabékeun! Dasar kolot bedegong!

Arit diselapkeun dina bilik. Cat manéhna unggah ka dapur. Indungna keur jongjon nutuan ulen na jubleg leutik.

“Keur isuk, Ema?” tanyana bari gog cingogo hareupeun hawu.

“Heueuh.”

“Digaringkeun, Ma! Méh engké kari meuleuman. Resep mani sok marudigdig geura,” omongna bari semu kumétap.

“Pamali keur puasa sok nyipta-nyiptakeun dahareun! Jeung barina gé sugan aya poéna!” ceuk indungna bari bleg-bleg nutu nepi ka palupuh téh eundeur.

“Sangu keur Uyut téh mana?” tanyana bari kuniang cengkat. Asa sieun batal nempokeun waé eusi jubleg téh. Heug mani melenghir seungit kalapa.

“Tuh na bangku! Kadé bahé, heug aya angeun lompongan! Bawa deui sakalian rantangna!” ceuk Ema daria. Nyahoeun puguh kuring mah mun nganteuran sok poho, rantangna tara dibawa deui.

“Nya heug!” témbalna téh bari gap kana kantétan rantang. Léos indit.

“Tutupkeun pantona, Sarjang! Hayam arasup!”

Panto dapur ditutup. Gijlig indit.

Sajajalan guk-gok jeung babaturan tingalabring saruka bungah. Ngeunah batur mah geus bébas tugas teu dititahan waé ku kolotna. Na ari uing? Gawé téh asa taya eureunna! Ketah eureunna téh wanci magrib, sabada méré parab. Karék eureun.

Tapi eureun gé lin hartina reureus, da eureun soteh eureun gawé, nya magrib mah terus ngaji ka tajug. Tapi da capé teuing gawé beurangna meureun ari di pangajian téh rada belet teu calakan kawas batur kana Qur’an téh. Mana sok remen disintreuk atawa dicepret ku Ustad téh. Rumasa, kuled boga uteuk téh.

Leumpang beuki ngagidig, da hayang geura tepi. Deuk milu ngadulag heula di tajug kiduleun Uyut. Ti janari nepi ka wayah kieu, asana téh tacan nyekel panakol bedug! Batur mah meureun geus sabaraha ratus kali nakol sewang.

Datang ka buruan imah Uyut, nyampak Nini keur mulak-malik poé opak na jodang.

“Mani tanginas nu nganteuran! Tuh Uyut mah di jero!” omong ninina bari seuri.

“Da keur Nini mah engké wé magrib!” omongna bari nyéréngéh. Da ninina mah puasa, dianteuranana engké méméh magrib. Ngan arang ku manéhna nganteuran magrib mah, paling ku indungna atawa nitah Si Jaja anak Mang Jamhur. Teu gaplah najan dititah gé, da ari balik nganteurkeun sangu ku Ema sok diburuhan kolék sacangkir.

“Ari manéh puasa? Geus batal acan?” tanya ninina.

“Acan atuh, Ni! Éh, aya opak nu geus garing? Uing ménta! Da Si Ema mah teu ngopak,” omongna bari neuteup poé opak na jodang.

“Nya sugan wé garing ayeuna mah! Ieu téh geus opat poé haben wé diturun-unggahkeun!” ceuk ninina bari jung cengkat, nuturkeun manéhna asup ka imah.

Nyampak téh buyutna keur ngajulaeu wé di golodog dapur bari ngabulaéh nyeupah. Ngadéngé palupuh rerekétan, ngalieuk.

“Saha tatéh?” tanyana.

“Uing!”

“Heueuh, nganteuran meureun nyah! Béjakeun ka Si Tarmi! Montong nganteuran waé kituh, da Uyut mah geus teu hayang kejo!” ngomongna balélol da puguh keur nyapék seupaheun. Manéhna ukur seuri.

Rantang nu dieusi sangu ku ninina dieurihkeun kana piring.

“Tunda heula wé rantangna di dieu, Ni! Uing deuk nabeuh heula dulag di kidul!” omongna bari deuk ngaléos. Tapi ku ninina dikenyang leungeunna.

“Montong waka ngadulag! Anggursi ajaran heula baju!” ceuk ninina daria. Manéhna colohok. Baju naon? Apan geus dipangmeulikeun ku indungna ti pasar Inprés. Na maké kudu ngajaran deui?

“Meunang meuli Nini ti pasar! Kopéahna gé alus, beureum disulam! Yeuh ka dieu!” ceuk ninina bari ngaléos ka enggonna. Manéhna nuturkeun bari haté bungah.

Baju keur manéhna geus ngalumbuk na luhur kasur lepet. Geuwat ku manéhna diajaran. Mani pas. Calana panjangna alus naker, sakuna dua lebah tuur, kopéahna beureum disulam. Lah, asa jadi budak sunatan! Ninina dangdak-déngdék nempokeun.

“Ginding manéh, Sarjang! Paké isuk nya?” ceuk ninina daria. Manéhna ukur nyengir, bingung teu bisa ngajangjikeun, sabab di imah gé geus boga sasetel meunang indungna ti pasar. Sarua deuih calana panjang, kaméja, ngan kopéahna itu mah kopéah haji, bodas.

Manéhna ngahuleng bingung. Maké nu mana? Maké nu ti saha? Nu ti indungna alus, nu ieu alus! Ah, na atuh Nini téh maké mangmeulikeun? Apan biasana gé tara! Unggal lebaran gé cukup sasetel wé ti indungna wungkul.

Biwirna renya-renyu rék imut, batur gé meureun nu boga baju lebaran dua setel téh kieu wé meureun bingung makéna. Bingung, nu mana nu kudu pangheulana dipaké.

Mana mending sasetel wé nya baju lebaran mah, tong loba! Lieur! Komo boga tilu opat setel, boga dua gé ieu, matak moal ngeunah saré!

Papakéan ku ninina ditilepan. Sup diasupkeun kana kérésék.

“Nam bawa! Témbongkeun ka indung manéh!” ceuk ninina bari nyodorkeun kérésék.

Gancang kérésék ditampanan. Léos ka dapur nyokot heula rantang.

“Uyut, uing deuk balik!” omongna rada ngajeuleuweung da puguh geus torék.

“Heug!”

“Nuhun, Ni!” omongna bari ngarérét ka ninina.

Léngkahna ayeuna mah ngagidig téh lain hayang ngadulag, tapi hayang gancang-gancang némbongkeun baju ka indungna. Baju alus pamére Nini. Sora dulag kadéngéna ku manéhna halimpu naker, isukan tulus lebaran. Tuluuus! Mani hayang igel-igelan sajajalan. Hayang ngéngklak kawas ngibingan kuda rénggong. Tapi hanjakal leungeunna angkaribung. Hanjakal sieun disebut jelema owah! Hanjakal. Tapi haténa surak ayeuh-ayeuhan, boga baju lebaran sadua-dua. ***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *