Hadiah Lebaran

Carpon karya Nunung Sri Nurhayati. Dimuat dalam majalah Mangle No. 1493, 23 Pebruari 1995, kaca 34–36.

Gutret Maman nyieun surat. Ngabalesan surat ti pamajikanana nu kamari kakara katampa. Teu panjang. Ukur ngabéjakeun moal bisa mulang téréh-téréh sabab loba bérés keuneun, jaba meunang tugas ngadadak ti pingpinan rédaksi kudu indit ka luar kota. Ditambahan baé saeutik ku kecap: lain teu inget ka kulawarga, ngan kumaha tuda tugas. Pesenan keur Si Nyai mah engké baé sakalian dibawa poéan lebaran.

Sanggeus bérés, surat dibaca deui. Tuluy ditilepkeun. Sup, kana amplop. Isuk-isukna méméh indit ka pagawéanana Maman nyelang heula ngeposkeun surat. Ngahaja maké kilat husus, ngarah téréh nepi, cenah.

Jongjon ceuk pikirna ari geus méré iber mah.

Ngan orokaya sanajan kitu ari haté leutikna mah pinuh ku rasa hariwang. Ari nu jadi sabab keur bekel lebaran téh can tangtu meunang. Aya duit saeutik ogé ku manéhna geus dipaké mayar hutang da geus jangji.

“Ari nyaritakeun sual karipuh téh sok asa aya batur pakumaha,” ceuk Darmin, batur sakantorna. “Lamun nyaritakeun kasusah jeung nu senang mah sok kalah beuki hariwang. Ari kitu mah nyarita jeung nu sarua ripuhna apan sarua pada nyebut ‘kumaha, nya’. Itu kumaha ieu kumaha. Jadi batur pakumaha.”

Maman ukur seuri kaneng.

“Hirup mah ulah sok tanggah, Man. Nu penting urang bisa ngamangpaatkeun rejeki nu saeutik tapi mahi. Da cumah loba ogé ari teu nyésa mah,” ceuk Akina hiji mangsa.

Lamun mahi mah memang kitu, ceuk Maman ogé. Pan ieu mah keur leutik téh teu mahi jeung loba kacoceng. Loba léosna. Imah kontrakan bayareun. Di lembur pamajikan jeung anak ngadaragoan. Sakapeung keur ka lembur mah sok ngeclok heula ti babaturan sapagawéanana. Da lamun kabéh di-ka-lemburkeun mah manéhna ngongkrong.

“Nu matak kudu dibekel geura pamajikan téh,” ceuk Dani.

Lain teu hayang Maman gé. Ngan ceuk pikirna lamun kudu dibawa, asa bakal leuwih ripuh.

xXx

Mangsa indit ka luar kota, Maman ukur dibéré éspéjé paspasan. Ari nu dijugjugna lain lalampahan deukeut. Ti terminal tumpak angkutan kota, tuluy tumpak ojég. Teu nepi ka nu dijugjug, sabab jalanna hara-haraeun. Kapaksa kudu leumpang.

Nepi ka nu dijugjug geus poék. Nu taraweh di masjid gé geus rakaat kaopat.

Satadina Maman rék ngaréréb di masjid, tapi teu tulus. Sabab basa manéhna keur gegeléhéan tas solat taraweh, Ki Imam nyarita, cenah panto masjid rék dikonci.

“Paur, Tong, di dieu mah sok aya nu rajeun akuan. Ti heula gé jam aya nu ngampihan,” ceuk Ki Imam. Nyaritana teugeug.

“Piraku di masjid aya nu maling, Bah?” ceuk Maman. Sakanyaho manéhna tempat nu pangamanna di lembur mah masjid.

“Boro-boro di masjid nu teu dikonci, dalah di gedong nu digembok gé ku bangsat mah sok diakalan,” pokna bari cetrék ngonci panto.

Gek, Maman diuk dina ubin émpér masjid. Kantongna ditunda gigireunana.

“Urang Islam sadayana di lembur ieu téh, Bah?”

“Teu kabéh urang Islam hadé, Tong. Ayeuna mah loba nu nyiliwuri. Loba nu tagogna jiga santri atawa jiga jalma bener. Mangsa nu séjén langah sagala dirampid,” ceuk Ki Imam deui. Kituna téh bari ngaburileng ka manéhna. “Basa jam témbok leungit gé tas aya urang luar nu ngadon saré di dieu.”

Meg. Aya nu ngabagel na hulu angenna. Hayang sapok-pokeun Maman nambalang, tapi Ki Imam kaburu ngaléos. Maman ukur garo-garo teu ateul. Tungtungna, goledag baé ngagolér nyarean kantongna.

Jam témbok di jero masjid disada sawelas kali. Maman can bisa saré. Lian ti loba reungit, tonggongna katiisan. Rék udud roko geus béak. Aya sésa hiji deui gé tadi basa tas taraweh diudud.

Maman bet ras inget baheula basa anyar ka Bandung, kitu pisan nu kaalaman téh. Manéhna diusir ku ketua DKM. Alesanana sarua, majarkeun téh mindeng kabangsatan.

Hanjakal tadi beurang basa nepungan RT kabeneran keur indit ka kota. Saminggu, cenah. Kitu deui nu rék ditepungan teu nyampak. Éta gé diandeg ku pamajikanana, ngan Maman nolak. Teu wani sabab euweuh lalaki saurang-urang acan. Di dinya ngan ukur aya nu boga imah jeung badégana, awéwé geus kolot. Inggis kumaha onam. Mangkaning ceuk pangakuan pribumi, nu ku Maman rék ditepungan téh langka aya di imah. Balikna teu nitih sabulan sakali. Sok loba kacaritakeun.

Keur kitu kadéngé ku Maman sora réa jalma. Koréjat Maman hudang bari ngadédéngékeun kana lebah datangna sora. Rét ka beulah wétan, aya cahaya batré tingkolényay. Beuki lila beuki deukeut. Rék ka marana peuting-peuting? Nu ngaronda kitu?

Jrot, cahaya batré nyorot kana beungeut Maman. Maman ngeureuceum. Puguh tas mopoék, ayeuna disorotan, katurug-turug kana lebah mata pisan. Maman ngahalangan beungeut ku dampal leungeun katuhuna.

“Montong meungpeunan beungeut, siah!” sada nu nyentak.

“Ké, aya naon ieu téh, Saderek?” ceuk Maman rada reuwas.

“Bener pisan, ieu nu baheula nyokot jam ogé. Kuring inget kénéh kana tangtunganana,” ceuk hiji sora, kadéngéna rada beurat.

“Ringkus baé kainyah!”

“Ké lanan bisi salah newak, ké urang nu cilaka,” ceuk nu cicing pangtukangna.

“Moal kapalingan uing mah. Sok buru cangkalak. Tuman!”

“Can ngasaan peureup Si Juned meureun.”

Jekuk, pipi Maman nu beulah kénca asa katinggang palu. Bangkieung, ngabangkieung. Jekok, bobokongna aya nu ngahanca deui. Kuniang Maman hudang, tapi can gé panceg dadana kaburu aya nu nyéjék manten. Gebru labuh.

“Bawa ka imah RT!”

“Pan RT-na gé euweuh …”

“Aéh heueuh, nya. Geus wé bawa ka pos kamling hareupeun imah RT. Ké isuk mun datang urang pasrahkeun.”

Durugdug awak Maman digusur.

“Tong digusur da moal kabur. Bisa kénéh leumpang kuring gé,” ceuk Maman.

“Montong loba bacot, kuya!”

Datang ka pos kamling Maman dijongklokkeun. Gebru labuh kana balagbag.

“Hudang siah!”

Sanajan awak teu puguh rasakeuneun Maman maksakeun cengkat. Di dieu mah Maman bisa nénjo beungeut jalma-jalma nu ngagusur manéhna da kacaangan ku lantéra. Salah sahijina Ki Imam anu satengah ngusir manéhna ti masjid. Panonna muréléng, sakapeung jebi.

“Bah …”

“Montong ubuh-abah siah!” ceuk nu gigireun Ki Imam bari gampleng nampiling satakerna.

“Untung baé Abah ngabéjaan. Lamun henteu, ieu mangkeluk téh bakal rarampid deui.”

“Lur, kuring mah lain bangsat. Rék nganjang,” Maman maksakeun ngomong.

“Di mana teuing aya bangsat ngaku. Jeung ma enya rék nganjang ngadon ngaringkuk di émpér masjid.”

Kolotrak, panto nu gigireun pos kamling muka. Panto imah RT. Saréréa ngalalieuk.

“Aya naon ieu téh? Juned éta téh?”

“Muhun, Ceu. Ieu aya mangkeluk atah warah nyasab.”

“Enya Nyai, kapanggih ku Abah ti masjid.”

“Cing hayang nyaho beubeungeutanana bangsat téh,” ceuk pamajikan RT.

Srog ka hareupeun Maman. Tuluy mencrong. Maman gé melong. Pamajikan RT kerung.

“Bu …” ceuk Maman.

“Geuning …”

“Muhun, abdi. Nu tadi ka bumi Ibu.”

“Naha geuning apal, Nyai?”

“Ieu mah wartawan, Abah. Tadi téh ka dieu rék lapor, ngan lantaran Kang Sa’id teu nyampak tuluy indit. Idéntitasna ogé aya di jero.”

Saréréa tingbelehem, tingkalieus. Tungtungna saurang-saurang bubar sanggeus nyebutkeun ménta hampura.

“Sok paradu baé ari nanaon téh,” ceuk pamajikan RT bari tuluy ngajak Maman asup ka imahna. Sanajan rada ragab kapaksa Maman asup.

Pamajikan RT nyadiakeun cihaneut keur meresihan tatu. Sanggeus bérés Maman luak-lieuk, kantongna tinggaleun di masjid. Mangkaning aya kaméraan jeung tip.

“Milarian kantong? Ieu di dieu. Tadi waktos Bapa digalusur, kantongna dicandak ku Sarkim,” ceuk pamajikan RT bari ngadilak. Sanajan keur aya nu dirasa, haté Maman teu bisa bohong. Pamajikan RT memang geulis jeung ngora kénéh.

Basa pamajikan RT ngandeg meuting, Maman teu nolak. Tibatan kacilakaan deui, pikirna.

Bus ka kamar hareup. Kaangseu seungit minyak mani meleber. Goledag ngagolér. Reup saré.

Dulag di masjid geus ngadulugdag, Maman ngalilir. Rét ka gigir. Rada ngarénjag. Aya nu ngabébéngkang ukur maké kutang.

“Tong geruh da teu aya sasaha. Kang Sa’id mah saminggu deui.”

Sanggeus subuh Maman amitan, dijajapkeun ku imut pamajikan RT. Kolebat, beungeut pamajikanana ngalangkang. Maman ngusap beungeut terus ngincid. Na haténa geus diniatan moal balik ka kantor, rék terus baé ka lemburna meungpeung aya kénéh sésa ongkos. Kajeun teu mawa nanaon ogé. Ka kantor mah engké baé tas lebaran, da deadline-na ogé saminggu tas lebaran.

Datang ka imah pamajikan jeung anakna muru-muru. Maman teu ngomong nanaon, rumasa jalir kana jangjina. Teu hasil méré bekel keur lebaran.

“Saurna badé dinten boboran?”

“Inget ka budak.”

Gubrag kantong digubragkeun, tuluy ngarawél anduk, léos ka cai ngadon mandi. Dina pikirna geus bisa ngajudi, pamajikanana pasti murang-maring, lantaran balik lengoh. Balik ti cai, pamajikanana langsung ngagabrug bari hariweusweus. Maman kerung.

“Manawi téh Akang teu cacandakan. Si Nyai tos ngaéh baé ti kamari nagih jangji,” pokna bari ngiwir-ngiwir amplop. “Ti saha ieu téh, Kang? Tah, seratna bilih can diaos!”

Maman colohok, gap nampanan surat, tuluy dibaca: Hatur lumayan, Pa Maman, kanggo lebaran. Iraha badé ka Lebak Gintung deui? Diantos!

“Ti nu diwawancara, Kang?” ceuk pamajikanana.

Maman ukur unggeuk teu sumanget. Ras inget kana kajadian peuting tadi di imah RT Sa’id. Buru-buru Maman ngusap beungeut. ***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *