Minggu Santey!

Carpon lucu karya Yuyus R. Dimuat dalam rubrik Barakatak majalah Mangle No. 1493, 23 Pebruari 1995, kaca 56–57.

Geus diajam ti jauhna kénéh, poé Minggu mah rék santey kuring téh. Hayang wé sakali mah nurutan nu baleunghar. Ari rencana mah rék ngajak budak nguseup ka Ciwastra, dina balong babaturan. Itung-itung ngabuburit wé ieu mah, bari sakalian nganteur karesep. Enya nguseup téa.

Malem Mingguna kuring gapléh nepi ka waktuna saur. Ah, keun baé cék pikir téh, isukan mah moal kudu hudang isuk-isuk ieuh. Hanas éta cenah rék nguseup, jam sabaraha baé ka Ciwastra mah. Nu penting nguseup.

Geus saur jeung solat subuh, da puguh tunduh, dug baé kuring saré. Tapi, kira jam salapan kuring diguyah-guyah ku pamajikan.

“Pa, enggal gugah, Pa! Itu geura tingal Si Sarko di luar nuju ngeduk saluran cai!”

“Nya keun baé atuh, ngarah henteu ngeyembeng,” témbal téh bari rék peureum deui.

“Kumaha ari Bapa? Tingal geura taneuhna kalah ka di ka buruankeun. Mani tos ngagunduk!”

“Naha atuh henteu dicaram?” ceuk kuring bari ka luar.

Enya baé taneuh jeung leutak téh mani geus ngagunung di buruan imah, deukeut lawang panto pisan. Mangkaning taneuh beureum, taneuh nu cepel téa. Kuring ngahuleng. Enya rumasa mangkukna kuring nitah Si Sarko sangkan ngajeroan saluran cai, da mani geus loba leutakna. Tapi lain kitu kahayang kuring mah.

“Naha atuh ku Mamah lain dicarék tadi téh? Ulah di kadinyakeun kituh!” ceuk kuring bari nunjuk taneuh nu digundukkeun ku Si Sarko.

“Bapa mah kawas teu apal baé adat si éta. Geuning ari didamelna téh sok kuma karepna baé. Bapa waé, naha atuh kalah miwarang jalmi teu hideng?”

“Ari tadina mah karunya Bapa téh. Jeung ongkoh teu kudu gedé kapan muruhan ka si éta mah. Kapalang ayeuna mah. Keun baé da meureun engké ogé taneuhna bakal dipindahkeun, nya Sarko? Kahadé nya engké taneuhna akutan ka tukangkeun …!”

Tapi Si Sarko teu némbalan. Anteng waé ngagecruk digawé cara tadi. Kitu adatna si éta mah, dasar jelema rada kurang sasetrip.

Geus maréntah mah tuluy baé kuring mah néangan eupan keur nguseup téa.

Kira jam sapuluh, basa kuring balik ka imah tas néangan eupan, kasampak téh taneuh urut ngali téa masih kénéh ngagunung di buruan. Malah beuki loba ayeuna mah. Puguh wé kuring mentegeg. Kumaha lamun hujan? Meureun cai jeung taneuh téh arasup ka jero tepas. Ari Si Sarkona mah teuing ka mana harita téh.

Ditanyakeun ka pamajikan, henteu apaleun. Ku lantaran euweuh baé, nya diteangan. Kasampak téh keur ngelepus wé udud di warungna Bah Sarkawi.

“Ari manéh Sarko, lain gancang béréskeun pagawéan téh! Kumaha lamun hujan, sakitu unggal soré sok hujan baé téh?” kuring rada nyereng nyarita téh.

“Embung, hoream!” jawabna pondok.

“Kumaha ari manéh?” kuring ambek.

“Embung, hoream!”

Teu bisa kumaha. Piraku kuring kudu paséa jeung jelema anu ku sakabéh urang lembur dianggap jalma kurang saeundan mah. Nya balik ka imah téh bari nahan kaambek.

Datang-datang ka imah, kuring jadi murang-maring ka pamajikan. Pamajikan ogé teu cicingeun deuih, da meureun teu rumasa salah. Atuh der waé paséa poé Minggu téh. Geus teu inget wé yén harita kuring jeung pamajikan téh keur paruasa. Eupan keur nguseup dibalangkeun ku pamajikan. Mangkaning éta téh eupan resép ti Kang Yaya, si pakar nguseup.

Unggal karérét buruan imah, nyel haté ambek deui. Budak mah ngahayu-hayu ngajak nguseup ogé teu didéngé ieuh. Taneuh sakitu ngagunungna, hareupeun panto pisan. Ari rék diburuhkeun ka batur, pisabarahaeun buruhna ogé. Jaba can tangtu aya anu daékeun da keur paruasa. Ari dipigawé ku sorangan, rarasaan téh asa moal katanagaan. Boro-boro keur puasa tuda, dalah keur henteu puasa ogé asa moal piuntupeun. Enya tuda kuring mah lain ahlina kana pagawéan modél kitu téh. Rumasa lah boga awak téh rada hengker.

Lila kuring ngahuleng. Sanggeus dipikir dibulak-balik, koloyong waé kuring ka imah Kang Bahri, tatangga. Rék nginjeum pacul maksud téh. Keun rék dipigawé baé ku sorangan horéam-horéam ogé.

Deker baé geus meunang pacul mah dipaculan taneuh nu ngagunung téh. Diwadahan kana ember tuluy diakutan ka pipir imah.

Kakara sababaraha balikan ogé, kuring ngarasa pohara lungséna. Atuda tong boro ngakutanana, maculanana ogé (ngawadahanana kana ember) ogé mani geus ripuh pisan.

Untung baé sakadang pamajikan lila-lila mah mantuan. Karunyaeun meureun nempo kuring digawé sorangan mah. Lumayan ku kitu téh jadi nambahan sumanget gawé kuring. Kaos barelok jeung tikoro garing geus teu ditolih. Nu penting hayang geura réngsé.

Teu burung anggeus geuning ari dikeureuyeuh mah sanajan bari malalakruh ogé. Jam satengah genep tah bérésna ogé, geus deukeut ka magrib. Alhamdulillah deuih, sanajan bari digawé beurat ogé puasa mah henteu batal. Malah kuring mah ngarasa reueus. Geuning bisa kuring ogé digawé beurat ari kapaksa mah.

Nuhun Gusti, abdi dikiatkeun tina gogoda. Keun waé nguseup mah teu jadi ogé, da aya Minggu hareup ieuh. ***

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *