Apa Itu Kawih?
Kawih nyaeta lagu-lagu Sunda nu kauger ku ketukan.
Contona:
- Sabilulungan
- Manuk Dadali
- Lagu-lagu nu dilagukeun ku Mang Koko
- Lagu degung (lagu nu dipirig ku gamelan degung)
Contoh Kawih
SABILULUNGAN
Cipt. Mang Koko
Sabilulungan hirup sauyunan Sabilulungan silih pikaheman Sabilulungan tulung tinulungan Sabibilulungan kukuh persatuan Sabilulungan dasar gotong royong Sabilulungan sifat silih rojong Sabilulungan genteng ulah potong Sabilulungan persatuan tembong Tohaga2x rohaka2x Teguh tanggoh perbawa sabilulungan Sadia sajiwa Segut singkil ngabasmi pasalingsingan Santosa2x samakta2x Teuneung ludeung ngajaring kawibawaan Saihwan sapahan Nagri nanjung berekah sabilulungan
Manuk Dadali
Sabas Mangundikarta (1962) penyiar radio RRI Bandung
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang Mébérkeun jangjangna bangun taya karingrang Sukuna ranggoés reujeung pamatukna ngeluk Mapag méga bari hiberna tarik nyuruwuk Saha anu bisa nyusul kana tandangna Gandang jeung perténtang taya bandingannana Dipikagimir dipikasérab ku sasama Taya karémpan kasieun lébér wawanénna Manuk dadali manuk panggagahna Perlambang sakti Indonesia Jaya Manuk dadali pangkakoncarana Resep ngahiji rukun sakabéhna Hirup sauyunan tara pahiri-hiri Silih pikanyaah teu inggis béla pati Manuk dadali ngandung siloka sinatria Keur sakumna bangsa di nagara Indonesia
Karatagan Pahlawan
Teu honcewang sumoreang Tekadna pahlawan bangsa Cadu mundur pantrang mulang Mun maksud tacan laksana Berjuang keur lemah cai Lali rabi tur tegang pati Taya basa menta pamulang tarima Iklas rido keur korban merdeka Sinatria danalaga Bela bangsa jeung nagara Dibarengan tekad suci Berjuang keur lemah cai Teu ngingetkeun ka dirina Asal nagri bangsa waluya Kadar jembar raharja mukti wibawa gembleng tujuan pahlawan bangsa
Penerapan dalam Pendidikan
PanCen
1. Mangga hidep pedar perkawis pentingna konsep seni Sunda, sajarah, fungsi, tur peran dina pendidikan multijenjang (bade eta SD, SMP, MI, SMA, SMK, salah sawiosna wae). Hidep tiasa milari tina sumber-sumber boh buku atanapi media onlen.
2. Mangga hidep siapkeun dua kawih nu dihaleuangkeun dina minggon payun. Pintonkeun di payun rerencangan saparakanca.
Milujeng mancen.
Tentang Kawih
Kawih merupakan bagian penting dari pendidikan seni Sunda yang diajarkan di berbagai jenjang pendidikan, dari SD hingga SMK.
Jenis-Jenis Kawih
- Sabilulungan
- Manuk Dadali
- Karatagan Pahlawan
- Serat Salira
- Es Lilin
Nilai Pendidikan
Kawih tidak hanya mengajarkan kesenian tetapi juga nilai-nilai kehidupan seperti persatuan, gotong royong, dan cinta tanah air.


